Sisindiran

Dalam kesempatan ini penulis akan menjelaskan secara singkan tentang sisindiran.

Sisindiran: mun dina bahasa indonesia sisindiran teh pantun tea. Bisa dipake keur paguneman. Malah sok diselapken dina biantara, maksudna keur mamanis basa. Resep geura silihbales ku sisindiran mah. Sok komo pan sisindiran mah eusina oge lian ti papatah jeung silihasih teh, aya nu heureuy atawa banyol. Upamina :

Rarasaan ceungkeh koneng
Kulit peuteuy dina nyiru
Rarasaan lengkeh koneng
Kulit beuteung mani namru

Dijawab ku anu disindiran:

Najan peuteuy dina nyiru
Sakoteng dibawa muter
Najan kulit beuteung nambru
Da ganteung katambah pinteur

wawangsalan

Ari nyarita ku sisindindiran mah sok sanajan moyok moal matak nyeuri hate. Nu matak kolot baheula mah mun nyarita sok direumbeuy ku sisindiran oge, maksudnamah sangkan omongan teu togmol teuing karasana. 

Nurutken wangunna, sisindiran teh aya tilu rupa; Paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Gera urang pedar:

1. Paparikan teh wangun sisindiran anu sorana padeuket sareung murwakanti dina tungtung keucap atawa padalisan. Conto dina paguneman;

Ngawuluku ngawalajar
Kudu dibaladah heula
Dina waktu rek diajar
Hayu ngado’a heula

Jadi dina paparikan aya cangkan jeng eusi. Ku ayana cangkang anu sorana nyindirkeun kana pieusieun, karasa ngenah pisan kadengena. Paparikan diwangun ku opat jajara, dina sajajarna diwangun ku dalapan engang. Gera urang perelekeun;

Nga-wu-lu-ku-nga-wa-la-jar
Ku-du-di-ba-la-dah-heu-la
di-na-wak-tu-rek-di-a-jar
Ha-yu-nga-da-ro-a-heu-la

Dumasan kana conto di luhur, bisa dicindekeun ciri-ciri paparitan teh nyaeta:
  1. Sapada ( sagunduk) diwangun ku opat padalisan (jajar)
  2. Sisindiran dina padalisan kahiji jeng kadua mangrupaken cangkang, sedengken sisindiran dina padalisan katilu jeng kaopat mangrupaken eusi.
  3. Jumlah engang dina unggal padalisan umumna aya dalapat enggang
  4. Sora tungtung padalisan kahiji sarua jeng tungtung padalisan katilu, sora tungtung padalisan kadua sarua jeng tungtung padalisan kaopat.

Untuk wangun sisindiran rarakitan dan wawangsalan akan dijelaskan di lain kesempatan. Semoga bermanpaat... mohon ma'af.....





Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel