Arti Ciri dan Buah Mahabbah kepada Allah

A. Arti Mahabbah Mahabbah sacara bahasa ngandung harti cinta, cinta ka Allah SWT. Sacara istilah ‘mahabbah’ maknana nyaeta ngosongken perasaan dina hate tina sagala-galana kecuali Zat anu dipikacintana nyaeta Allah. Sakumaha pidauh Allah dina surat Ali Imran ayat 31: وَالَّذِينَ آمَنُوا أَشَدُّ حُبًّا لِلَّهِ Aya oge jalma-jalma anu iman anu banget cintana ka Allah Saur sabagean ahli tafsir; darajat mahabbah aya dua; kahiji;mahabbah anu sifatna umum, ieu mahabbah anu sifatna umum bisa di hontal ku sakabeh jalma mumin. kadua: mahabab anu sifatna khusus, ie mahabbah ngan wungkul bisa dihontal ku para ulama, aulia, jeng shalihin, seperti ayana khauf (banget sieun ku Allah), tawakal pasrah narima papasten ti Allah, sarta al-Jaroa, ikhlas jadi abdina Allah. eta teh mangrupaken puncakna mahabbah ka Allah.