Biantara Bahasa Sunda

biantara bahasa sunda pendek

Neuleuman Padika Biantara
Biantara teh sok dipataliken jeung seni nyarita. Naon sababna? Sabab, dina biantara teh sakapeung merlukeun gaya jeung omongan nu matak narik jalma rea nu ngabandunganana.
Aya sawatara faktor anu ngalantaranken biantara hiji jalmi dipikaresep ku balarea. Eta paktor teh urang sebut T-A-M-A-T, singketan tina;

Tatag nyaritana
Hartina dina nepiken biantara teh urang kudu nyarita bari tatag atawa tetela, henteu karagok atawa ngarandeg.

Aktual temana
Hartina tema biantara nu kuurang diteupiken teh kudu aktual, lain tema-tema nu geus basi

Munel eusina
Hartina, biantara anu diteupikenteh eusina loba pulunganena, atawa loba mangpaatna.

Alus basana
Binatara teh seni nyarita. Ku sabab kitu, basa nu dipake ku urang dina biantara teh direumbeuy ku mamanis basa. Upama diselapan ku babasan jeng paribasa, atawa bisa oge ku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan ku kalimat-kalimat pinilih nu kungsi diteupikeun ku hiji tokoh.

Ngandung wirahma
Hartina, dina biantara teh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina nepiken biantara teh kudu make lentong (lagu kalimat) anu hade.

Contoh Biantara Singkat:
No Eusi Contoh
1. Salam pamuka Assalamu’alaikum wr. wb.
2. Mukadimah Sadaya puji kagungan Allah nu murbeng alam. Shalawat miwah salam mugi dilimpahken ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad Saw.
3 Ngahaturken pangwilujeng ka nu hadir Ibu sareng Bapa Guru hormaten sim kuring
4 Eusi biantara Dinteun ieu teh kalintang bagjana kanggo Simkuring sadaya. Oge janten dinteun kalintang pikasediheunana. Bagja wireh sim kuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim kuring kedah ngarantunkeun ieu sakola, oge ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru................. jst.
5 Sanduk-sanduk menta dihampura jeng nepikeun do’a Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa..... mung do’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunteun anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.
6 Salam panutup Assalamu’alaikum wr. wb

0 Response to "Biantara Bahasa Sunda"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel