Cara Nyieun Sajak

cara-nyieun-sajak


Naon Ari Sajak

Osok aya nu nanya kieu; naon bedana sajak jeng puisi?,. Ari nu dimaksud sajak teh nyaeta salahsahiji karya sastra anu ditulis dina wangun/puisi. Dina sastra Sunda, karya sastra wangun ugeran teh loba pisan rupana, diantarana, sajak, guguritan, pupujian, jeng mantra. Jadi, pertanyaan di luhur bisa dijawab: sajak teh bagean tina puisi atawa, sajak teh puisi-puisi keneh.

Kecap-kecap nu dipake dina sajak umumna cecap-kecap nu ngandung harti konotatif, lain harti saujratana seperti anu kaunggel dina kamus.  Salian ti kecap-kecap konotatif, sajak oge ngandung sawatara unsur penting kayaning tema (dasar poko pasualan anu ditepiken dina sajak), suasana (gambaran kaayaan), imaji (gambaran nukarasa, kadenge atawa ka tenjo- sok sanaos ukur dina wangwangan wungkul ), simbul (kecap nudipake piken ngantebken maksud eta kalimah), wirahma (irama, galindeng sora kecap dina nalika mintonken sajak), jeung amanah (amanah ataw pesan pangarang kanu maca sajakna).

Pedaran Deklamasi

Deklamasi  nyaeta cara-cara ngalisanken sajak (ditalar) diharepen loba jelema, dipasieup atawa disalarasken  ku peta atawa gerak-gerak anggota badan jeng wirahma anu merenah sangkan katingali payus. Tangtu bae, atawa ngandelken ngoncrangna sora. Tapi, nu utamana mah kudu enya-enya neleman sajak nu rek dideklamasikenana.

Ngarang Sajak

Kumaha cara ngarang sajak?.  Gampang pisan ngarang sajak mah. Ayena tangtuken hela bahan nu rek dijien sajakna, barang –barang nu aya di kelas wae teu kudu hese-hese. Tah, pan di kelas teh aya korsi, jam dingding, gambar persiden, jandel, jst. Heg pilih salah sahijin.

Sebut weh hidep milih korsi jang bahan ngaran sajak. Ayena heg tuliskeun naun nuaya dina pikiran hideup ngenaan korsi, dina wangun kalimah-kalimah we. Sangges ditulis lengkep ngenaan korsi tea dina wangun kalimah-kalimah. Ayena cacagan picenan ataw ganti kecap-kecap anu cek anggapan hidep teupati penting.

Conto...
Korsi teh alus, dijien dina kai. Korsi nu didiukan ku abdi aya tumilaan, atuh ari gek teh diuk dina korsi meni asa panas jeng renyem. Hayang teuing diuk dina korsi nu hipu. Tapi keh diajar dina korsi hipu mah engke jadi tunduh. Gening sok ningali dina tv, nu keur rapat kalah narucndutan, da merenan  korsina hipu, hayang pisan kuring diuk dina korsi anu hipu kawas kitu.

Korsi 

Kosi alus tina kai
Korsi kuring panas, tumbilaan
Hayang teuing diuk dina korsi hipu
Ngan sieun diajar jadi nundutan
Jiga nurapat narundutan
Lantaran korsi hipu
Hayang teuing diuk dina korsi hipu






0 Response to "Cara Nyieun Sajak"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel