Arti Ciri dan Buah Mahabbah kepada Allah

arti ciri dan buah mahabbah kepada Allah

A. Arti Mahabbah

Mahabbah sacara bahasa ngandung harti cinta, cinta ka Allah SWT. Sacara istilah ‘mahabbah’ maknana nyaeta ngosongken perasaan dina hate tina sagala-galana kecuali Zat anu dipikacintana nyaeta Allah. Sakumaha pidauh Allah dina surat Ali Imran ayat 31:

وَالَّذِينَ آمَنُوا أَشَدُّ حُبًّا لِلَّهِ

Aya oge jalma-jalma anu iman anu banget cintana ka Allah

Saur sabagean ahli tafsir; darajat mahabbah aya dua; kahiji;mahabbah anu sifatna umum, ieu mahabbah anu sifatna umum bisa di hontal ku sakabeh jalma mumin. kadua:  mahabab anu sifatna khusus, ie mahabbah ngan wungkul bisa dihontal ku para ulama, aulia, jeng shalihin, seperti ayana khauf (banget sieun ku Allah), tawakal pasrah narima papasten ti Allah, sarta al-Jaroa, ikhlas jadi abdina Allah. eta teh mangrupaken puncakna mahabbah ka Allah.

B. Ciri-ciri Jalma Anu Mahabbah ka Allah

Sawarehna tina ciri-ciri jalam anu cinta ka Allah:

1. Jalma anu cinta ka Allah tangtos bakal turut, tumut kana parentah Allah sareng Rasulna sakumaha pidauh Allah dina surat Ali Imaran ayat 31:

قُلْ إِنْ كُنْتُمْ تُحِبُّونَ اللَّهَ فَاتَّبِعُونِي يُحْبِبْكُمُ اللَّهُ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَاللَّهُ غَفُورٌ رَحِيمٌ

Ucapken ku anjen Muhammad, lamun aranjen mikacinta ka Allah, mangka kudu turut aranjen ka Kaula, Allah bakal mikacinta ka anjen jeng bakal ngahampura dosa anjen, saestuna Allah Maha Panghampuran jeng Maha Asih.

2. Jalma anu cinta ka Allah teh, nyaeta jalma anu salamina nyampurnaken ibadahna. Cek para sufi, ari sampurnana ibadah ku tilu rukun:
  • Hub (cinta ka Allah)
  • Raja (ngarep-ngarep rahmat Allah)
  • Khauf ( sien ku bebendu Allah)

Katiluna; sampurnana hub (cinta ka Allah) kedah dibarengan oge, ku sampurnana tawado, depedepe, rendah diri diharepen Allah. Sakumaha dauhan Allah dina surat al-Muminun ayat 57:

إِنَّ الَّذِينَ هُمْ مِنْ خَشْيَةِ رَبِّهِمْ مُشْفِقُونَ

Saestuna jalma-jalma nu sieun ka Allah, maranehna lewih ati-ati.
Ati-ati dina sagala perkara, rek dina ibadah, muamalah, jeng tingkah paripolah. Allah ngadauh dina surat al-Anbiya ayat 90:

كَانُوا يُسَارِعُونَ فِي الْخَيْرَاتِ وَيَدْعُونَنَا رَغَبًا وَرَهَبًا وَكَانُوا لَنَا خَاشِعِينَ

Marenahna ngaheulakeun dina migawe kahadean, jeng ngado’an ka Allah kalawan pinuh pangharepa jeng kasieun , jeng maranehna khusu ka Allah.

Saterasna jalma anu cinta ka Allah, nyaeta jalma anu mika resep kana perkara (pagawean) anu dipikaresep ku Allah, jeng ngewa kana perkara (pagawean) anu dipikangewa ku Allah. Kucara ngalaksanaken parentah Allah jeng ngajauhan larangan Allah, turut ka para Auliya Allah, jeng merangan musuh Allah.

C. Buah tina Mahabbah ka Allah

Ari buahna upami urang ta’at ka Allah, cinta ka Allah maka bakah ngarasaan amisna iman, sakumaha pidauh Rasulullah:

ثَلَاثٌ مَنْ كُنَّ فِيهِ وَجَدَ بِهِنَّ حَلَاوَةَ الإيمان مَنْ كَانَ اللَّهُ وَرَسُولُهُ أَحَبَّ إِلَيْهِ مِمَّا سِوَاهُمَا وَمَنْ أَحَبَّ الْمَرْءَ لَا يُحِبُّهُ إِلَّا لِلَّهِ وَمَنْ يَكْرَهُ أَنْ يَرْجِعَ إِلَى الْكُفْرِ كَمَا يَكْرَهُ أَنْ يُلْقَى فِي النَّارِ

Tilu perkara anu lamu aya ti hiji jalma maka bakal ngarasaken amisna iman; mikacintana ka Allah jeng ka Rasulna lewih dipikacinta tinimbang salianna, lamun mikacinta ka hiji jalma, tara mikacinta kecuali karna Allah, ngewa dimana-mana  balik kana kakufuran seperti ngewana dialungken ka naraka.

0 Response to "Arti Ciri dan Buah Mahabbah kepada Allah"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel