Metode Biantara

metodeu-biantara-sunda

Aya opat metodeu biantara anu salila ieu rame dipake, nyaeta:

1. Metodeu impromtu (ngadadak)
Disebut ngadadak, lantaran dina cara midangken tara make tatalar hela. Boro-boro make nasakah, da keperluanage saharitaeun. Mun bisa mah nyaritana, metodeu ieu teh sok matak kataji nu ngabandungan.

2. Metodeu ngapalken
Cara midangkena nu ieu mah sabalikna tina impromtu. Nu rek biantara nulisken heula naon anu rek diomongkenana tuluy diapalken kecap demi kecap taya anu kaliwat. Terkadang mah suk aya kesan kaku dina nalika nyaritana, da bari nginget-nginget naskah anu geus diapalkenna tea.

3. Metodeu naskah
Nyaeta biantara anu bari maca naskah. Tah metode ieu biasana kurang pikaresepeun nu ngabandungan, lantaran anu biantara sok tungkul teuing kana naskah, langka ngayaken kontak mata jeung nu ngabandungan.

4. Metode ekstemporan
Dina prakna biantara tara make naskah, tapi naon anu rek diomongken dirarancang heula kalawan taliti. Biasana sok dijieun catetan-cateutan mangrupa gurat badag atawa rangkay omongan anu rek diteupiken tea.

Dina biantara aya padika anu di sebut  T – A – G – O – G.  Eta teh singgetan. Gera urang wincik singgetanna:

a. T = teteg sikepna
Teteg sikep dina nyarita, teu gemper ditetep ku panongton. Sikep nu teteg sarta kalem biasana nembongken kamampuan dina ngawas nu ngabandungan (audiens). Lamun teteg mah dina nyarita, moal gemper lamun ngayaken kontak mata jeng nungabandungan.

b. A = alus esina
Eusi biantara anu ditepikeun alus sarta penting keur nungabandungan. Disaluyuken jeng kelompok masa anu ngabandunganana. Mun harepen patani ngabahas anu dipikaresep ku patani, mun harepen budak sakola meren temana anu dipikaresep ku budak sakola.

c. G = gerak awakna merenah
Nu disebut gerak awak dina teh dina biantara mah gestur tea. Gerak awak teh piken ngarojong nandesken maksud atawa eusi biantara. Bisa ku rindit, ku gerak biwir, lengen jsb.

d. O = omongan merenah
Dina nalika ngomong, lian ti basa nu diucapken teh kaasup oge lentong (intonasi) jeng ngucapkenana (lapal).  Susunan bahasa tangtu bae kudu bener ngalarapkenana. Kitu deui lentong anu merenah, jeng ucapan anu bener bisa ngarojong kana nandeskeun eusi biantara.

e. G = gaya nyaritana
Maksudna gaya nyarita dina bintara nyarita kamampuan atawa kaparigelan mintonken biantara diharepen  jalma loba anu pikaresepeun, narik paniten  supaya kataji ku anu ngabandungan. Ngalisanken eusi (maksud) teh dibarengan ku cara anu luyu gampang kaharti sarta teu matak bosen nu ngabandungan.

0 Response to "Metode Biantara"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel