TAHUN BARU HIJRIAH

Muharram

MAPAG TAUN ANYAR HIJRIAH

الحَمْدُ للهِ  الَّذِى مَجَدِدِ اْلأَعْوَامِ عَامًا بَعْدَ عَامٍ الَّذِى افْتَتَحَ بِالْفَضْلِ اْلأَشْهُرِ شَهْرِ الْمُحَرَّمِ هَذَا اْلعَامِ. أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ  وَحْدَهُ   لاَ شَرِيْكَ لَهُ ،  وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مَحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِى لاَ نَبِىَ بَعْدَهُ.اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ  وَبَارِكْ عَلى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ صَلاَة ًوَسَلاَمًا دَائِمَيْنِ مُتَلاَزِمَيْنِ اِلى يَوْمِ لِقَآئِهِ.

 أَمَّا بَعْدُ ، فَيَا عِبَادَ اللهِ رَحِمَكُمُ اللهِ! أُوْصِيْكُمْ وَاِيَّاىَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ بِامْتِثَالِ أَمْرِهِ وَاجْتِنَابِ نَوِاهِهِ. فَقَالَ اللهُ تَعَالى فِى كِتَابِهِ الْعَزِيْزِ  أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ   :

إِنَّ اللَّهَ لاَ يُغَيِّرُ مَا بِقَوْمٍ حَتَّى يُغَيِّرُواْ مَا بِأَنْفُسِهِمْ

Hadirin jama’ah Jum’at anu mulya!

Urang ayeuna nuju aya dina sasih pamungkas tina taun hijriah, nyaeta taun Dzul hijjah. Sakedap deui urang lebet kana sasih Muharram, 1436 taun nu kalangkung aya kajadian aheng dina agama islam, nyaeta peristiwa hijriah, nunuduhkeun nyen puser pangwangunan Islam dialihkeun ti Mekah ka Madinah. Pangwangunan nu dilaksanakeun ku Rasulullah didasarkeun kana wahyu Ilahi sangkan Rasulullah rawuh para sahabatna ngalih ka Madinah Al-Munawaroh. Sateuacana Rasulullah ngabina pibadi-pribadi muslim anu tangguh, salami kirang langkung 13 taun di Mekah Al-Munawaroh.

Eta Hijriah mangrupakeun salah sawios metode da`wah Rasulullah SAW. Sapertos halna Nabi Ibrahim a.s  kantos hijrah ti Irak ka Harron di Syam, teras ka Taiman di Palestina, teras ka Mekah. Nabi Musa a.s kantos hijrah ti Mesir ka Palestina. Pamungkas Rasulullah saw hijrah ti Mekah ka Madinah.

Hijrah hartos nu pokokna aya dua:

1.      Ninggalkeun hiji tempat nuju katempat sejen anu bakal jadi tempat anu langkung aman, langkung nguntungkeun kangge ngembangkeun Islam sapertos hijrahna Rasulullah ti Mekah ka Madinah.

2.      Ninggalkeun  kabiasaan atanapi sifat-sifat anu awon nuju kana hal-hal anu sae sareung pinuji. Ieu loyog sareng pidawuh Nabi SAW:

اَلْمُهَا جِرُ مَنْ هَجَرَ مَا نَهَى اللهُ عَنْهُ

Jalma anu hijrah teh nyaeta jalma anu ninggalkeun sagala hal nu dilarang, nu dicegah ku alloh.

           

Hadirin kaum muslimin anu mulya.

Hadirna taun enggal nyangga kawajiban ka urang sadaya, salaku muslim sngkan enggal ngayakeun muhasabah,ngoreksi diri masing-masing sarta ngitung amal nu sae jeung nu awon anu pernah ku urang dipidamel.

 اِنْ وَجَدْتَ خَيْرًا فَاحْمَدِ اللهَ, وَاِنْ وَجَدْتَ شَرًّا فَا سْتَغْفِرِ اللهَ

Mun anjeun manggihan eta padamelan teh sae, geura puji Allah (prak laksanakeun), jeung lamun anjeun manggihan eta padamelan teh awon, prak istigfar ka Allah.

            Salajeungna, saba’da muhasabah, teras urang ngalaksanakeun hijrah anu ngandung ma’na ninggalkeun kabiasaan jeung sifat-sifat nu awon nuju kana hal-hal anu sae jeung pinuji, margi kaayaan hiji umatbditangtukeuyn ku pribadi-pribadi eta umat,da Allah bakal ngarobah soteh kaayaan umat, mun individu-individu eta umat sayogi ninggalkeun kabiasaan sarta sifat-sifat anu goring, Dawuhan Allah Rabbul’alamin:

إِنَّ اللَّهَ لاَ يُغَيِّرُ مَا بِقَوْمٍ حَتَّى يُغَيِّرُواْ مَا بِأَنْفُسِهِمْ

Kumargi kitu sumangga taun anyar anu bakal tumiba, urang eusian ku beberesihdiri lahir sareng batin sareng gilig meruhkeun sagala ancaman jeung ujian. Mugia taun anyar teu langkung sae tibatan taun nu parantos kalangkung sangkan urang sadaya tiasa ngawangun diri langkung nguntungkeun pikeun dinil Islam anu ku urang dipicinta.

            Akhirna mangga lenyepan kasauran jungjunan Rasulullah SAW :

مَنْ كَانَ يَوْمُهُ  خَيْرًا مِنْ أَمْسِهِ فَهُوَ رَابِحٌ وَ مَنْ كَانَ يَوْمُهُ  مِثْلَ أَمْسِهِ فَهُوَ خَاسِرٌ وَ مَنْ كَانَ يَوْمُهُ  شَرًّا مِنْ َأَمْسِهِ فَهُوَ مَغْبُوْنٌ

 

            Sing saha jalma nu dinten ayeuna langkung sae tibatan dinten kamari, maka eta jelema kalebet  jalma untung. Sing saha jalma nu dinten ieu sami sareng dinten kamari, maka eta jalma kaasup jalma rugi. Sareng sing saha jalma nu dinten ieu langkung awon tibatan dinten kamari, maka eta jalma kagolongkeun jalma anu katipu.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنِّي وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ


0 Response to "TAHUN BARU HIJRIAH"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel